

Karya
Rispri trisna
Pengantar
Carita ieu di tulis ku jelema anu aya dina carita maksud jeung tujuanna nyaeta mere eunteng keur para jelema anu teu percaya kana cinta munggaran.
Carita ieu mere pesen nu kuat keur pamuda-pamudi anu geus ngarasakeun endahna bobogohan.
Samoga carpon ieu aya mangpaatna kanggo sadayana.
***



Karya
Rispri trisna.
Dina hiji waktu kuring linglung kusabab kuring keur nyeri hate ku awewe nu ngahereykeun hate kuring.
Tidinya kuring oge mikir ”aya alusna oge kuring nyeri hate ayena kusabab kuring bobogohan ngan ukur sakedeng dari pada engke”.
Dina hiji poe nyaeta poe salasa tanggal 12 juni 2012 kuring indit kasakola kuring, niatna mah kuring indit kasakola teh ngan saukur edek neangan hiburan, saengges kuring nepi kasakola, kuring kapanggihan jeng babaturan ngariung ngarobrol sabari ninggaliken anu maen poli.
Pas kuring keur lalajo anu maen poli, salieuk kiring ninggali awewe anu aya di hareupen paninggalian mata kuring, awewe eta teh sarua keur lalajo poli jeung babaturannana.
Tisaprak kuring ninggali awewe eta kuring langsung ngarasa hate kuring resep ka awewe eta, teu di lila-lila tidinya kuring langsung tatanya kababaturan kuring masalah awewe eta, “jujur kuring saacana can wawuh ka awewe eta”, kuring nanya keun ka babaturan kuring sangkan pribadi awewe eta.
Timimiti ngaran nepi ka nomer hape, mimitina kuring hese nanya kababaturan kuring sorangan masalah awewe eta da sing horeng babaturan kuring ge resepen ka awewe eta, tidinya kuring nanya ka babaturan kuring anu hiji deui da babaturan kuring anu ieu mah babaturan awewe eta keneh jeung anu jelas babaturan kuring anu ieu te resepeun ka awawe eta. saengges kuring apal ngaran jeung nomer hapena, teu dililakeun deui ku kuring teh harita keneh di sms weh langsung awewe anu ngarana shelly munggarani eta teh.
Dini obrolan kuring jeung manehna harita kuring can ngobrolkeun kanu rasa karesep kuring ka manehna, kuring ngan saukur nanya ngajak kenalan ka manehna nepi ka kuring ngajak babaturanan jeung manehna.
Harita kuring nggeusan heula smsan jeung manehna kulantaran manehna rek balik, tidinya oge kuring balik ka imah bari jeung hate bungah kusabab saeutik-saeutik kuring geus wawuh ka manehna, pas kuring geus nepi imah kuring mandi sabari ngabayang’keun rupa manehna, saeunggeus kuring mandi nepi ka kuring nyantai, kuring ngasms ka manehna “ basa basi biasa” ngan saukur nanyakeun keur naon jeung keur di mana,
Pas kuring nanya ka manehna keur di mana, manehna ngajawab keur rek balik ti imah babaturannana, harita keneh kuring langsung nawarkeun diri eukeur ngajemput manehna, mimitina manehna embungeun da fikirna sieun ngarepotkeun kuring, tapi kuring ngayakinkeun manehna lamun ngajemput ieu teh kahayang kuring, tidinya manehna daekeun, kukuring jemput weh langsung.
Saeunggeus kuring nepi di tempat, hate jeung perasaan kuring ka manehna asa teu ka kontrol pokonamah degdegan, komodeui pas manehna di bonceng kukuring perasaan kuring asa ngalayang ka gunung kawung, “hehehe
Pas di jalan kuring ngobrol jeung manehna kuring nanya ka manehna masalah kuring rek deket jeung manehna aya nu ngambekan atawa henteu,
Manehna ngajawab patanyaan kuring pok manehna ngajawab ieu
“Henteu aya atuh’ ku kuring di Tanya deui kieu” ari shelly atos gaduh kabogoh teu acan?” jawabna kieu “ ouh teu acan abi mah nembe putus” kuring ngadengena bungah kusabab kuring aya kasempetan eker ngadeketan sakaligus jadi kabogohna,
Saengges nepi, manehna pamitan ka kuring.
Kuring karek nyadar lamun imah manehna deket jeung imah babaturan kuring, harita keneh kuring nyimpang heula weh ka imah babaturan kuring,
Teu lila tidinya kuring ngasms ka awewe anu ngarana shelly eta, kuring basa basi manehna nanya “ atos dugi bumi teu acan?” kuring ngajawab’ teu acan da abi nyimpang heula k bumi rerencangan hela, da caket bumina sareng bumi shelly, kadieu atuh?” mnehna ngajawab “ emangna dimana kitu bumina?” ku kuring di jawab “iyeu di caket gapura”
Teu kungsi lila manehna datang nyamperkeun kuring, kuring teunyangka manehna rek nyampeurkeun, tapi kuring atoh oge mnehna nyamperkeun jadi bisa lewih gancang kuring deket jeung manehna,
Tidinya kuring nanya kamanehna mimitinamah basa basi tapi kadieukenna mah kuring nanya masalah asmara, manehna ku kuring ditanya kieu “shelly jujur mimiti abi ninggal shelly abi teh langsung resep ka shelly” manehna te ngan ngajawab ku seuri hungkul, terus ku kuring teu dililakeun deui langsung weh kuring teh ngomongkeun perasaan kuring ka manehna kieu “ shelly kersa teu jadi kabogoh abi?,” manehna rada era era kitu ngadenge nage, tapi ku kuring teruh dibere kayakinan lamun kuring ngomong kitu bener-bener tina hate kuring lain heheureuyan, kukuring di itung nepi sapuluh, manehna langsung ngajawab kieu “ muhun kersa” tidinya kuring rada teu nyangka tapi kuring ngayakin keun diri kuring lamun cinta di pandangan pertama teh aya, tidinya kuring bungah pisan jeung tidinya keneh kuring mimiti ngomong sayang kamanehna,
Saenggeus kitu kuring balik nepi ka imah kuring smsn jeung manehna nepi keun ka sarena,
Kaisukanna deui kuring di sms ku mehna make kata-kata sayang, poe eta kuring ka manehna can ngarasa manehna bener ka kuring tapi kuring nyoba ngayakinkeun ka diri kuring lamun kaharepna ieu kabogoh kuring pasti bener-bener ka kuring,
Poe eta kuring ngajak sakola bareng ka manehna tapi manehna nolak da kulantaran manehna rek indet bareng jeung babaturannana, tidinya kuring ngarasa lamun manehna can yakin kakuring, tapi kuring sabar nyinghareupan kaayaan jiga kieu.
Balik sakola kuring ngajak bareng balik ka manehna, ari pek teh manehna daeken, tidinya kuring ngarasa lamun manehna tadi nolak indit bareng ka sakola kusabab saacana manehna geus boga janji jeung babaturannana,
Jadi sangkaan kuring teh salah ka manehna,
Tidinya kuring ngarasa pisan benerna manehna kana perasaan kuring.
Sababaraha poe kahareup, kuring nanya ka manehna masalah pernah boga mantan saacanna di sakolaan? Manehna ngajawab perna jeng nyebutkeun ngarana, kuring ngajenghok kusabab ngaran mantana teh babaturan kuring, kuring bingung kudu kumaha kuring ngomong ka babaturan kuring eta masalah kabogoh kuring
Tapi saacan kuring ngomong ka babaturan kuring, kuring kalakah di baedan ku manehna, nyaengges weh kuring ngajauhan baturan kuring eta, jeung kuring neruskeun bobogohan kuring ka kabogoh kuring.
Sababaraha poe kuring ngalarang ka kabogoh kuring ngarah ngablokir facebookna ku sabab kuring teu resep kanu facebook, da cek diri kuring facebook teh bisa mere pangaruh teu baleg kanu hubungan kuring, mimitina manehna teu daekeun tapi lila- kalilaan manehna ngarasakeun pengaruh teu baleg tina eta facebook,
Alhamdllilah kahayang kuring keur ngajaga hubungan kuring ngarah tenang jeung eweh nu ngaganggu bisa ka laksana,
Sababaraha poe hubungan kuring kalanda masalah kulantaran babaturan kabogoh kuring teu resepeun ka kuring, tidinya kuring resah kuring bingung kudu kumaha , tapi kuring ngan saukur bisa pasrah ka kabogoh kuring, kusabab kuring nitah milih ka kabogoh kuring rek milih kuring atawa babaturanna,
Poe eta kuring teu nyangka lamun kabogoh kuring milih kuring tibatan babaturannana, nya kuring tidinya atoh bari jeung aya rasa teu ngenah hate oge ka babaturannana tapi kuring ayeuna mah geus te nganggap masalah eta pernah kajadian.
Kadie-kadienakena mah hubungan kuring jeung kabogoh kuring pinuh ku kabungahan.

Hubungan kuring nincak kana tanggal 1 januari 2013 nyaeta bulan anu cek kabeh jelema sok ngarayakeun taun baruan, kuring jeung kabogoh kuring ge ngarayakeun taun baruan di imah kabogoh kuring babakaran jeung kabeh kulawargana.

Perasaan kuring tidinya lewih-lewih ngenah tibatan menang kabungahan anu lain,
Aya deui kabungahan anu ku kuring moal bisa di pohokeun nyaeta kabungahan pas saprak umur kuring nincak 18 taun, poe eta kuring dibere kejutan ku kabogoh kuring jeung ku keluarga kuring salah sahijina kejutan anu di bela-belakeun ku kabogoh kuring anu datang isuk-isuk ka imah kuring leumpang jauh sorangan,
Kesan anu di inget ku kuring ngan pangorbanan ti kabogoh kuring anu teu di sangka-sangka.
Tina kayakinan jeung kapercayaan hubungan kuring jeung kabogoh kuring geus nepikeun kana sataunannana alhamdullilah salama kuring deket babareungan jeung kabogoh kuring kabungahan anu loba ku kuring di rasakeun tibatan ka keselan jeung kaduhung.
Antos sambunganana
Sataun kapayun
Sareng nyuhunkeun doana, kanggo kamajuan carpon ieu ….
Facebook: rispri trisna
Twitter: @rispri_trisna
Rispritrisna.blogspot.com
